Sapi naon anu bisa kebut-kebutan?
Sapida balap
Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?
Tinggal turunna
Sapi naon anu bau?
Sapiteng, maksa tina septic tank
Oray hejo panonna loba.
Peuteuy
Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya?
Incuna kuman nu teu dahar saminggu
Hayam naon anu sukuna hiji?
Hayam nu keur jengke
Hayam naon anu sok diteangan ku jelema?
Hayam leungit
Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing?
Eleketek heula, nu seuri eta hulunag
Hideung, leutik, bahaya.
Sireum napel dina bom
Kuda naon anu teu bisa lumpat?
Kuda nu dicangcang
Leutik bodas pikasieuneun.
Sireum nu napel dina huntu maung
Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha?
Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber
Kalong naon anu pinter maen bal?
Kalonggak Beckham ya.. Ronaldo
Naon bedana onta jeung kangkung?
Onta mah di Arab, kangkung mah diurab
Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah?
Kutu
Lauk naon anu bisa hiber?
Lauk Indosiar
Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang?
Sabab teu make kaca spion
Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?
Oray nu ngalegleg linggis
Hayam bodas, naonna anu hideung?
Kalangkangna
Gajah tumpak beca, gede naonna?
Gede bohongna ath..
Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
Manuk anu katincak
Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok?
Sapiderman
Hayam naon anu sukuna sarebu?
Hayam keur pawey
Gajah naon anu sukuna dua?
Gajah nu keur keprok
100-150